Cari Blog Ini

Selasa, 05 Oktober 2010

Sisindiran balad adya

Ti kang Balada.
Kacibadak dagang cilok,
cilok lada di sambeulan.
Hai barudak tong carekcok,
kang Balada rek sisindiran

Tikang Balada.
Babaturan nunggang kuda,
miang deui peuleusiran.
Haturan tikang Balada,
teupang deui na sisindiran.

Tikang Balada.
Hayu urang peuleusiran,
peuleusiran ka surabaya.
Hayu urang sisindiran,
sisindiran mung di Adya.

Tikang Balada.
Kayu bungur pangpungna dua,
dijerona aya daun.
Hayu dulur urang ngadoa,
Radio Adya tetap edun.

Ti kang Balada.
Parung kuda pada ngeunyang,
kuclak kiclik neang nu mandi.
aya kuda sitaranjang,
di sidik sidik ku kang jumani.

Tikang Balada.
Neneng meri numpak rakit,
ti nyalindung kacantayan.
Lain nyeuri ku panyakit,
hayang nyanung teu di ijinan.

Ti Kang Balada.
Nunggang merci ka waru doyong,
nunggang andong dugi ka wengi.
Neneng meri hoyong di gandong,
di gandongna ku kang jumani.

Tikang Balada.
Kayu catang silimpiran,
ditaekeun kana roda.
Hayu urang sisindiran,
gogonjakan di Adya.

Tikang Balada.
Bogo kuya kabawa palid,
lauk lele di useupan.
Radio Adya nomor wahid,
nu ngamumule budaya pasundan.

Ti kang Balada.
Geura mulih geura mulih,
kaciaul neang nu ngenong.
Pulah pilih loba milih,
gorehel meunang nu ompong.

HAyam KaLkuM tuang paLA...
AsSmLikuM hela aH ameh kngeng phaLa.? .

Tidarus dikadudampit. .Kie gera.
Niat mah mLihan teri
nasibna kngeng hui
abdi sedih jeung nyeri
ningali persib eleh deui
aya persib emam hui
cuci mulutna emam roti
sanajan persib eleh deui
abdi tetep bo2toh sajati.

Ieu kg jumani ti goalpara.
Mawa ragaji dina delman,
pajeng bocoran ti irian.
Kg ozhi + kg rahman,
wilujeng boboran siam.

Masih ti kg jumani.
Salada kangkung jahe,
tangkal sena nangtung gede.
Kg balada anu jangkung gede,
ayeuna tos nyanung ka embe.

ass,kg ieu wina tea di pelda
pa haji srng kng ma2n
ngbaturan ngala kembang
kang ozi srng kg rhman hturan kmha dmang
aya kuda emam toge
muning disada ningali kuya
drpada knu gduh caroge
mening k randa psti bhgya

Ti kg jumani deui ah.
Tahu bubur mani loba,
hurang di sisiran asup ka media.
Hayu batur balad adia,
urang sisindiran di radio adia.

Assalmualikm,kang ozi,kang rahman.MERI di nyalindung.
Kuda deui kuda deui,
di peucutan salilana.
Kang balada deui kang balada deui,
meuni bosen ningalina.

Meri di nyalindung.
Santiong kuburan cina,
nu maot d tameulaan..
Mun hoyong mika cinta,
omat kudu silih belaan.

Ti Meri di nyalindung.
Damar hurung damar gantung, d
amar dina pamidangan.
Mun teu tulus kanu jangkung,
bisa bisa ka edanan.

Ti Meri di nyalindung.
Nini nini aki aki,
gogonjakan nunggang kuda.
Kang jumani numpak tengki,
di baturan ku kang balada.

Darus deui,
lauk sepat jero cai
mser lepeut ka sukajadi
lepat naon abdi kanyai
bet tega ngantep ka abdi,

sisi galengan ngala antanan
ngala enteh kapanasan
kuharianeun anjeun jungjunan, . .
Tega teh taya rasrasan.

Ti kg jumani lagi dong!.
Hayam kalkum loba gaya,
loba gaya dina karang loba.
Asalamu 'alaikum radio adia,
radio adia, radiona pas sagala yuswa.

Tikang Balada.
Diwalungan reang nu mandi,
calana palid di kojayan.
Mun ameungan kakang jumani,
mulihna ringkid nyanak sayuran.

Kapinis dina batu,
ngla daun mwa batok.
Anu gelis nyeri huntu,
launlaun hayng nyabok.

Tikang Balada.
Abur aburan miang kabakauni,
diceuceuleh kusalaki.
Haturnuhun kakang jumani,
oleh olehna atos dugi.

Kini kini kuang kuang
ngala kaliki ka pacitan
Nini nini urg baruang
aki aki urg pencitan.
Ti urg karang tengah

Ieu darus. .
Singa parna ka sukajadi
Ngala pi'it ngango lamit
kamana ath panutan abdi
lengit indit meni teu pamit

ngala nangka diajulan
digantungkeun ku si andi
teu sangka anjeun jungjunan
bet tega ngantunkeun abdi.

Ass... Ngiringan kang ah abdi EIRAWAN ti takokak
Ngala jangkrik ka pasawahan
wadah terong ku aseupan.
Anu ceurik balilihan
hoyong namah di usapan

Tikang balada kango kang jumani.
Munding hideung anak embe,
seubeuh di paraban kalaras.
Mending ge nyandung ka embe,
ameh teu ngemutan beas.

abdi iwan cilpas tea kang ozi sareng kg rahman.ngiringan dei.kie cenah.
kagarut ka irianjaya.
daripada camberut sisindirian wee di.adia.

kasurabaya mawa korma.
kacililin mawa opak.
abdi cinta ka neng irma
tapi isin sien di sepak.

Tikang Balada.
Koleuk geudang dikantongan,
di tilaman tilam karung.
Awak beugang taya dagingan,
kalakuan hayang nyandung.

Tikang Balada.
Nu ngaramet nonggeng disawah,
kokojayan usar esor.
Meribet ameung kadayeuh,
peuleusiran nunggang nayor.


Aya behel jeng kabel
kini kini di surabian
Aya kehel jeng sebel
nempo nini ngajebian.
Nanang ti karang tengah.

Wljg wengi kg ozy oge kg rahman,,,
Sarikaya ditiiran ,
manuk bueuk dina awi,,
diadya sisindiran ,
anu baeud jadi seuri,,,,,bunda sekar,,,

Srg acuy gnr.
Rebo ayena ngahiji dina delman.
Teukaur aya digilirkeun ka ahad ayena.
Di radio adya aya kg ozzy kg rahman.
Eukeur maca sisindiran ti balad adya.

Masih ti Acuy kg.
Kamana hayang peutis.
Kacang dipipitan dipiceun.
Karunya ka neng euis.
Hayang sisindiran teu bisaen.

Di leles loba sayur.
Nawar steh dipipitan dikukuy.
Aya nu sms ka acuy.
Pajar teh kasindiran ku acuy.

Acuy gnr deui.
Aya badog keur diburu.
Tipeuting salarea milu ngaberik.
Itu saha nagog dijuru.
Geuning julaeha nuju ceurik.

ti iwan cilpas dei kg ozi sareng kg rahman
asa hayang buah korma.
caladi manuk gulali.
ari hayang ka neng irma.
jadina mah ka neng yuli.di terasken kg.
caladi buah korma.
nyien epan lauk jeuleur.
abdi reseup ka neng irma
di kicepan jol ngagoler.
buah cabe di jien epan.
bajigur seer gulana.
bonganwe ker di kicepan
bujur abdi di teungar domba.

Ass,.Bade ngiring sisindiran ah.
Kapiting dina aisan,.
kat0j0 sinar ti laut..
Sapeupeuting katirisan,.
da pun b0j0 nuju camberut.. J0van di cikal..

Kang bde ngringan ah ti shanti cibatu,
"kini kini jurung jurung,
bagedor cau mangala,
nini nini rada burung
memedol tali calana,
"ny hiji deui yeh
"buah jambu buah mangga raos bnguna teh upmi metis" wasalam

Kg ozzy kg rahman ti Acuy gnr deui.
Nyulam titungtung tina awi.
Di pilih diriung bari udud.
Salam katineung ka teh dewi.
Nu linggih di gunung buleud.

Darus. . Kneh. .
Aya nangka leubetna teri
kagandamaya ngala hui
teu sangka ku nasib dri
aYEuna nyorangan deui.
Dikuncir mah ulah digelung
panyawat mah di ubaran
nu kasindir ulah parundung
da ieu mah ukur hiburan.

Aya keneh ti kg jumani.
Itu saga tutunggulan,
di goreng sari lada.
Itu saha dudua an,
sihoreng teh meri jeung kg balada.

Ass akang2 nu garanteng iye ti neng yuli ti parsal kiye
kang samping hideung dina blik
kumaha nuhur kena na
yuli nineng kanu blik
kumaha nutur ken nana

kg ozi sareng kg rahman.ti iwan cilpas dei.
tuturus tangkal korma.
monyet kolot ngareunyohan.
mung teu tulus ka neng irma
sok sien ka gegeloan.

Acuy deui kg.
Nyayur bihun make cai.
Tiditu Meuli kacang panjang.
Hatur nuhun ka teh dewi.
Tadi siang tos tepang.

Ieu ti urang karang tengah deui yeuh,ngiringan deui
pala saha pala saha
siih rene aya undur uundur
Salah saha salah saha abdi kiih embe mundur.

Ti Meri, di Nyalindung,
tarate rambang di kulah,
kaciri keumbangna bodas,
mun hate menang ka bungah,
suka seuri matak waas..

Ti yuli deui ah
aya kuda dina rantang
boboko di alian
aya pemuda meni ganteng
si horeng kbgoh yuli

Masih ti kg jumani.
Anak meri cucuitan,
dag dulu dug dag ngala salada.
Teh meri jejeritan,
di udag udag ku kg balada.

Aslmukm ,bang abdi akoh di ciaul,
ka bandung ka ci amis
jalan na ka cilaku.
Abdi hoyong nyandung kanu gelis
ngan te laku2

Ass,.Bade ngiring sisindiran ah.
Kapiting dina aisan,.
kat0j0 sinar ti laut..
Sapeupeuting katirisan,.
da pun b0j0 nuju camberut.. J0van di cikal..

Kang nugaranteng ti yuli deui
aya dilman jeng ragaji
aya salm dina ali
kang rahman sareng kang ozi
salm wanoh ti yuli

Maeng gapleh kabanjaran
ngala belut ka ciguha
Paeh ge teu panasaran
sangges gelut jg mitoha. Ti nanang karteng

Ti yuli deui
kang blada dina kuda
aya ali d si2ran h
ayu blad adia
si2ndiran sareng yuli

Uing ngiluan deui,
'Kacidolog ka sagaranten
teu poho kundang iteuk,
bolodog ningali panganten
kacipta peutingna diurek' he he he

Srg Acuy deui. Hujan tibeurang nepika baraseuh.
Kasitu bangun hayang deui.
Najan urang ayeuna papisah.
Da minggu payun teupang deui.

Ti yuli deui
kini2 kungkang ukang
aya rengkok dina pager
aya nini nuju tuang
d bekok meni ka jengker

Ti yuli deui
aya simet dina batu
aya kusa d muara
sing imut kana waktu
di dunya urang gumbra

Ti yuli deui
kamana gait ken kincir
aya ali d muara
kamana gait ken pikir
iye yuli nuju tunggara

Ti Meri, nyalingker..
Keumbang eros keumbang tanjung,
keumbang wera di sisi jalan,
nun naros kanu keur pundung,
Matak era tara nemballan.

ti iwan dei kg ozi kg rahman.kie kg.
ka cimaja ka cimahi
maan boboko tali salambar.
pamuda pamudi jaman ayena
bobogohan sok di kalamar.

kararangge karangge
angen waluh di oncoman.
mangkade mangkade
ulah sok ka jongjonan.
kueh moci di keutanan.
kade bisi kasetanan.
leres kitu kg ozi&rahman nuhun ah

Ti yuli deui
kditu gunung kadieu gunung
boboko wadah dengena
kditu bingung kdieu
bingung kbogoh ngabaedan

Buah samangka skina pala
nyusut umel mah ngango bola, . .
Teunyangka abdi k'mila
tiasa ngadamel bala-bala
nyeri angen emam pala
aya hui sareung katapang
abdi kangen k'mila iraha deui urang patepang

Asalammualaikum bang iyne abdi maman babakan garut cianjur hoyong ngiring sisindiran kiyne bang
kabandung ka ciamis
jalana ka panyalu
abdi hayang nyandung kanu gelis
ngan te payu payu

Ti yuli deui
aya kungkang dina piring
aya ali dartosan
duh akang gera sumping
iye yuli tos gantosan

Ti yuli deui
cai mulang cai malik
cai mulang ka astana
gera balik gera mulang
iraha arek laksana

sareng rijal ti Ci gati, bde ngirngan ah,
soloyong kapal tinegri
meli ubar jeung wdahna mun
hyong kdiri abdi
kudu sbar jeng wyahna.hturnuhun ah

kg ozi kg rahman.ti iwan cilpas.dei.
dalima buah dalima.
manuk ciung manuk saeran.
neng irma oh neng irma.
hese oge rek di akalan.nuhun ah kg

Asalam mualaikum masih ti cianjur bang bade ngiring sisindiran
cipadang jalan cikancana
aya kiripik dina nyiru
abdi hoyong ka anjena
fi tampik ku manehna

Asmakm abdi nu tdi tea Akoh,
buah kopi buah kaliki ngopi bang adi

Assalamualaikum kang oji kang rahman kumaha daramang? Ieu kintunan tibah sule tangkal kawung ulah di humut
pikeun tihang pajagalan
anu jangkung katambih gendut
pami mapah mani ngagegag

ti cilpas iwan dei kg ozi &kg rahman.
samping hideng gambar camara.
boboko nyonyos tengah na.
abdi nineng ka neng irma.
bogohna tos ti bahela.
citarik caket cimaja.
peyem peueut ngucur caina.
katarik ati ku neng irma.
da kareueut ku imut na.nuhung ah kg

Nyambung deu kang ti bah sule
ninyuh ubar kucipati
diwadahan pisin gelas
jalmi sabar eta pasti
kuAllah dipikawelas hatur

Ass kang ieu srg Icha bd ngiring sisindiran kieu geura
Aya kawini dina ayakan
dina mangkok aya sisiran
kang Ozi srg kang Rahman
galecok keus sisindiran

Ti. meri. Nyalinker.
nu jongjon ngala salada,
bari ngecrik di cimandiri,
pap jon nuturkeun kuda
mani ngiclik ti pandeuri.

Mlm a n! Ma ahdan nu 9anten9 tea $isindiranana
kaca2 in99ris,
n9ala iwun9 9om0n9 pi talien,
t0n9 rumasa mnh 9eli$
n90m0n99e pikanyerien.. B49us ga th ?

Meri, nyalingker..
jampe,jampe harupat,
ka gadog ka palereddan,
Geura Gede Geura lumpat
Geura ngudag anjing edan.

J0van tea di cikal,.
Kapinis ngdahar simeut,
ari b0g0 ngadahar jukut,.
Nu tiris th jdi haneut,
da pun b0j0 at0s imut..

Mencit meri dina rakit
ngala dukuh di dahar di astana
lain nyeri ku panyakit
nupugumah hayang benghar can laksana.

Ti ido d pelda.
Nyi oneng mli koran meni loba...
D cipoho nya meli na...
Lamun neng yuli hyang ngubarn ati nu tunggara...
Nya ieu a ido jalmina...

Kembang eros bo2ko wdah bakatul... D
i simpn dna carangka gudang kalapa...
ceuk engkang wios kbogoh d rbut btur... P
an di2eu aya ja2ka gandang nu satia..

ka sukajadi nyandk pasaran
soloyong meri di tingker
abdi mh ku panasaran
ka neng meri urang nyalingker. ti yudi urang jalur htr nuhun

Kangkung Bandung, lobak Garut...
Nu keur pundung sok camerut.
Ti kang kumis d Cbdk Tenjojaya.

Pnten bde ngiringan abdi asep di bar0s,
aduh akang nyeri cingir
ka keset ku awi hinis
adu akang gering pikir
ka pelet ku neng geulis

Ti yuli
aya saldo dina salam
aya ali di artosan
kang edo salam
ku yuli d antosan

Masih ti asep,
mencit mere dina rakit
ngala dukuh di kait
lain nyeri ku panyakit
nupuguh mah te b0ga duit.

1 komentar: