Cari Blog Ini

Senin, 11 Oktober 2010

Sisindiran Balad Adya 2

Ieu darus ngiringan deui, , Kakburan mh kang nyandak dus, . . . Aya kalkum emam katapang, Haturan mah atuh akang ieu darus, . Asalamu alaikum ah wilujeun
g tepang, . . Nyandak dus mh kango hui Aya randa di sisiran abdi darus hadir deui dina acara sisindiran Kardus mh kandang japati Siang2 ngala bawang Darus miharep ka gusti akang2 dararamang

Tidarus. . Meser donat ka tex'sas diemamna ngago lamuru amanat abdi ka kansas ulah ageung teuing timuru kapatikan sareung uwa Mser limun di adya Pamajik
an moal ngadua lamun ngarasa bha9ia meuli bndros mNi ngenah dihjikeun ngango sadri bilih tos teu sanggem mah pasikeun wae ka abdi

Hayam kalkum arloji jerman, hurang panjang di tiiran. Asalamu 'alaikum kg ozhi + kg rahman, urang tepang deui di acara sisindiran. Salam ti kg jumani.
Masih ti kg jumani. Taro koya ti pasaraya, kuya keuyeup jadi juara. Radio adia pas sagala yuswa, mugya tetep jaya di udara.

Ti kg jumani deu ah.
Teri peda hurang timun,
tahu di tiiran ti majalaya.
Dari pada urang ngalamun,
hayu sisindiran di radio adia.
Masih keneh ti kg jumani.

Salada gede beungkeut na,
di goreng seubeuh ku sapuluhan.
Kg balada gede beuteung na,
sihoreng reuneuh tujuh bulan.

Aya keneh yeuh ti kg jumani.
Rincik rincang rincik rincang,
mobil mersi mawa hiu.
Sidik pisan sidik pisan,
teh meri juragan hawu.

Masih kanggo kg balada ti kg jumani.
Lampu neon siga cucupatan,
sendal badag ti cimande pasisina.
Kunaon kg balada lulumpatan,
padahal di udag embe lalakina.

Ti kg jumani lagi dong!.
Takokak daun tatekok,
saga pulus aruratan.
Barudak ulah carek cok,
kg balada tulus di sunatan.

Tikang Balada.
Kayu areung rarancakan,
silimpiran tilam kuya.
Hayu urang gogonjakan,
sisindiran di Adya.

Th meri hiji deui tanpi ti kg jumani.
Mobil mersi ti cikapundung,
nari gajah ka cika wening.
Teh meri urang nyalindung,
arek nikah ka munding.

Tikang Balada.
Haseup ngeubul tungtung kabaya,
di tiupan di tampiran.
Tiap leumbur manteung Adya,
ngadangukeun sisindiran.

Mangga tampi deui kg balada masih ti kg jumani.
Salada leutik aya eurihan,
angeun campedak dina kantong.
Kg balada ceurik balilihan,
hayangeun tumpak papatong.

Tikang Balada.
Peuleusiran peuleusiran,
peuleusiran ka surabaya.
Sisindiran sisindiran,
sisindiran di Adya.

Tikang Balada.
Babaturan ka surabaya,
nunggang kuda bade ngendong.
Haturan kango sadaya,
tikang Balada nu gaduh soang.

Darus deui,.
Buah pala wadahna kardus
kelewih mah ditalian
duh mila hampura darus
bilih aya kaleupatan,

Tikang Balada.
Goreng hui cau galek,
dina keundi deukeut seeng.
Neng meri seuri ngagakgak,
ningal jumani di lodok soang.

Tikang Balada.
Baraya miang rek mandi,
singkurusuk sing koronang.
Karunya ka kang jumani,
isuk isuk di lodok soang.

Tikang Balada.
Nunggang bendi kakadupugur,
balik ulin peuleusiran.
Kang jumani sila di dapur,
ngulik nyieun sisindiran.

karamayana meser donat
hudang he'es hnteu mandi
bilih aya anu minat
sms wae nomer abdi

Ti darus deui kang. . .
Karamayana ngadon mandi
Mser simut koNeng murni
rumasa ayeuna abdi
emut wae ka neng eni

Ti kang Balada.
Ngala huni deukeut batu,
nanggung seureuh dua kilo.
Kang jumani nyeuri huntu,
ameung kadayeuh di cabok nugelo.

Abeltea Wljng wengi akang2,rutinan deui ah..
(1)Batu kapur d'ukiran,
tali semen ku rapia,
Hayu batur urang s'ndiran,
wengi senen d'Adya..

(2)Ngala kangkung sisi sawah,
bakatul karek d'tapi,awak
jangkung gede sirah,
siga pentul korek api.

3)Kadang kadang,kadang kala..
melak gedang aya nu ngala..

Abeltea
Jalan-jalan ka banjaran,
miceun runtah kana bungkusna,
kagagalan jadi pelajaran,
pikeun lengkah sateurusna.

2)Lalay deui lalay deui,
ngeprak laleur kupangepel,
Tikelay deui tikelay deui,
matak lieur matak jengkel.

3)Buah naon buah naon,
d'bungksan d'talian,
slah naon ath slah naon,
d'putsken d'tngah jlan?

Abeltea
Medal poe caang kacida,
moe eurih sa carangka..
Unggal poe ngunclang cimata,
hate peurih tur nalangsa.

2)Kamana padudan aki,
dina gelas cakeut rantang
..kamana panutan abdi,
nu lawas teu pateupang.

3)kini kini kuang2,
cu2nguk dina su2kan,
nini2 teu bsa hudang,
t'kusruk k'na durukan..9,10 kasian deh luh!!

WINA di pelda
aya kalkum srng kuya
di baturan kunu caramang
aslmualaikum bald adya
hturn kmha damang

wina dei kang
aya saos di krungan
sihoreng ker k jkrta
sanaos abang rayungan
eneng tetep mikacinta

naek kuda k cikini
sarerea nyebut barabe
kg balada kg jumani
parasea parebut embe

Tikang Balada.
Sawah sakotak taya beulutan,
nu aya gaang sareung odog.
Sirah botak taya rambutan,
ngemutan soang teu ngeunog ngeunog

diran.
kali deureus jalan tangeurang.
leures kitu akang.nuhun ah ku di aosken nana.wasalam

ti iwan ciaul tea kg oji srg kg rahman.kie cenah.
rujak beubeuk di tarasian.
bulu jagong di kunciran.
daripada ambek2kan sareng bengong
mending urang sisindiran

ti iwan cilpas ngaoskena logat cina ah kg ozi&rhmn.
samping poleng dina kaca.
samping gading samarinda.
singhoreng ari wakca kedal cinta.
ku irma geuning teu burung di tarima.

diterasken. kg
poe honje balakacida
sarantang esina lima .
hate abdi bungah kacida
lantaran di tarima cinta ku irma.nuhun kg

ti iwan bobo tea kg ozi srg kg rhmn
meulah gedang dina dulang
sangray teuri di kecapan.
begang lain kurang daang.
teaya dei siang wengi nu iwal irma nukapicamcam.

ti abdi iwan boboko tea.kg ozi kg kie. rahman.
cucunguk aya dina lomari.
sayur oyong nganggo emping.
ngagugguk irma ka abdi.
hoyong di tikah engkin kaping hiji.

Ti Meri di nyalindng.
Aya kuya aya kuya,
aya kuya di tampian.
Dia adia di adia,
di adia sisindiran.

Ti meri di nyalndng.
Nu usaha miang peuting,
katalaga dagang bawang.
Itu saha nunggang munding,
kang balada ngangon soang.

Ti meri di nyalindng.
Nunggang kuda kacirebon,
mapai leumbur gogonjakan.
Kang balada pake riben,
tikeuceubur kasolokan.

Abeltea
Ngentep busa teu diamparan,
mun peting karasa hi2liwiran..
Seep pulsa teu panasaran,
nu penting tiasa sisindiran.

Terbukti ternyata,neng Eti anu saha??

Ti meri di nyalndng.
Aya kuda kuda jangkung,
nginum angeun na boboko.
Kang Balada bade nyandung,
ngan sieuneun ku mitoha.

Ti Meri, di Nyalingker.
tangkal huni tangkalna Garing,
Buah ka dong dong dina boboko,
kang jumani manika Geuring,
di tajong ku kang marko,

Ti Meri,
di Nyalingker.
kangkung bandundung Cikasintu,
jaradi areuy areuy yan ,
ulah pundung ku sakitu,
da Abdi mah heuheureuy yan.

Ti Meri, di Nyalingker.
ngala jangkrik di kolomberan
meunang dua meunang tilu,
Budak ceurik lolongserran,
teu pira hoyong bolo,
ngiringan ah ? kang arman si2ndiran nana ?
kini 2 kuang2
ngalagetok pepen deyan
nini2 tebisa hudang d bekok
peperedeyan tikang
otoy d r a kosasih

Hiji deui ti kg jumani,
ieu mah kanggo radio adia.
Wilujeng kantun para baraya,
barayana urang sadaya.
Wilujeng ulang tahun radio adia,
radio na pas sagala yuswa.

Tikang Balada.
Cau galek pada muru,
di goreng di tariguan.
Anu kerek sare di juru,
ngageureung handaruan.

Tikang Balada.
Kang jumani miang ka lembang,
jalana ka saguling.
Meuni leuwang mun di sawang,
endahna kacapi suling.

Ass..
Ka surabaya naik angkot..
ngala nangka kucalana..
alam dunya th tos kolot..
Seueur bncana d mna2.

Ngringan kang t iyan tea d slbntna,
paburuncing awi haur ibu gring nyeri bujur.
aya kuya d luhur daun adia met ulang tahun.htr nhun

Tikang Balada.
Saninteun kueh banros,
di anteuran ku baraya.
Tiap dinteun ngantos ngantos,
acara sisindiran ti Adya.

Karawang jalan selabintana.
tukang kridit ti tasikmalaya
Parawan jaman ayena
kurang duit sok ngahina . Nanang ti karang tengah.

Ti darus..
Meuli bndros k psar seni
Didamelna meni lami
Abdi naros ka neng eni
na iraha k'sukabumi. .

Kpasar mser huni
dibungkusna ku jarami
Kadieu ath neng eni
diantos disukabumi

Kagirang mawa sapi Hayu urang sisindiran bari ngopi.

Ti ade resin di padaasih ...
Meli salada jeng pita
di talian ku rapia .
radio adia paling di pika cinta ..
Ku balarea .di kota jeng di desa

punten ngiringan ah chinta
kieu aya piring dina meja ,
mani liat mani leueur ka semes ku kasar,
ngiringan di adya ,
teu kiat mani lieur ku sms anu nyasar

Ti darus . .
Tikukur mah dikurungan
meuli baso dialun-alun
Muji syukur kapangeran
Radio adya tepung taun

Kaciwidey ka india
kasurabya jeung braya
hapy birthday adya

Ass. kng ozy srng kg rahmn bde ngiringn ah..kiye yeuh
aya kuya nyonyoo laptop. adya makin ngetop. htrnhn mung sakitu tiasana. monru.

Abel Jalan braga jalan astana,
duwegan bahe aya jerona,
sugan jaga sugan laksana,
sugan wae aya jodona..

Medal poe bari halimun,
kiara tangkal angsana,unggal
poe abdi ngalamun,
iraha bakal laksana?

Salasih bukurna bari,
kabita ninggal panasna,
ka asih ukur ka nyeri,
ka cinta tinggal waasna..

Akang 2 bde ngirngan ah ,kieu nya ,
soloyng kapal tinagri
meli ubar jeng wadah na
lamun hyg k diri abdi
kdh sabr srng wayaaah na ,akang .

kg ozi&rahman.iwan nuju akang maosken ku logat cina .abdi te kiat. nyengir.bari seerian.
nyuksuk dina juru hawu.
limun botol kaleng lima.
katel besi panggorengan.
lamun ngobrol sareng neng irma.
otel bari sili siaran.nuhun ah kg ozi sareng kg rahman

Ngiring ah
cikampek kahuruan ,
ka matraman kemedia,
£ieshyk ketemuan..
Sareng kang rachman di radio adya . Leres kang di foto bersama lgi ya kang.

Ecet .ecet oet oet .
ka sinyar numpak kuda
kapelet ade kapelet
ku penyiar adia anu awet muda .. ...,..ti ade resin .ti padaasih...

Jalan2 k lpang merdka
sore2 mke kmeja
kuring meni bungah jeng bagja
lantaran papanggih jeng randa ngora.

Ti yuli deui kang
kamana gait ken kincir
aya oli dina mobil
kamana gait keun pikir
iye hate nuju sabil

Ass. . .abd! Debleng d! Cimerang..
Aya gedang jeUng b0led d!tamahan kU b0nteng. . .metis yu

Bade nyobian ngiringan kang...
"nyimpen suung di pabeasan,
caang bulan ngala dewegan..
mun di cium ku nu kumisan,
2 bulan masih gegebegan"

Ti yuli deui
cau am0n d korangan
kaliki kapipir pipir
lalaki am0n sorangan
da yuli mh te mikir2

Ti yuli deui
manuk ciung d kempisan buah
culan aratah keneh
d cium kunu kumisan
3bulan karasa keneh

Debleng d! Cimerang:
C!ang sana ged0ng panyang. . .
jalana ka pasir d0ngke. . .
teu laksana ker lanyang. . .
ges rana ge sabatae.

2.kamana ngaitken kincir.
. .manuk dudut manuk cuit. . .
gudag g!dig jig kapipir
. . .hayang udud teu b0ga duit. .

3.ngal!liang2
ngali hui menang lima. . .
abdi wirang-abdi
wirang nar0san teditarima

Munding bule bngeutna sangar..
Ngareret manuk tikukur..
Duh peuting hulu meuni jangar,
dtangkep awewe btur abdi cep deden.
nuhun ah.salam we kasadaya

ti iwan boboko tea.kag.
kamana padudan aki.
singhoreng dina saku calana.
kamana panutan abdi.
nunami na neng irma.

besi linggis humut kalapa.anu gelis anu imut

Dunia dalam berita Masa kini
banyak yg selebor
Dikota geus teu boga ka era .
nini nini make kolor..

Salawe dua lima .
bungkus kacang di cungcungan.
Awewe jaman ayeuna
rambut panjang di tukungan..

Jalan jalan ka tengah sawah
di gogogan ku anjing edan. LUMPAAAAT.....
Htr nuhun ti kuple ngiring ngarojong.

Ti komeng mang
itu saha nuntun munding
di gantelan nangka ngora
itu saha meni gining
si horeng penyiar adya

1 komentar:

  1. Hatur nuhun ka balad adya anu parantos ngarojong dina acara sisindiran di adya fm

    BalasHapus